Meta tags:
description= Carios Urang Sunda;
Headings (most frequently used words):
wilujeng, jeung, rupi, béja, pages, katagori, arsip, vampir, ngadu, jajaten, basa, sunda, bisi, hilap, kanggo, nu, nuju, ngumbara, hurup, taling, pepet, tambihan, hitut, judulna, teu, aya, damel, siope, ramadhan, di, priangan, katukang, kiwari, reinkarnasi, sumping, kalénder, baraya,
Text of the page (most frequently used words):
teu (16), 2007 (11), filed (10), under (10), comments (10), posted (10), deui (10), jalma (10), bari (10), jeung (9), jalan (9), hitut (9), 2006 (8), mah (8), keur (8), jadi (6), ieu (6), aya (6), mira (6), marsellia (6), siope (6), ceuk (6), wordpress (5), béja (5), #wilujeng (5), basa (5), mobil (5), lajengkeun (5), maos (5), taun (5), oktober (5), heureuy (5), geus (5), jéger (5), com (4), acak (4), urang (4), sunda (4), sakola (4), kana (4), harita (4), dina (4), rupi (4), nya (4), kaciri (4), this (3), blog (3), juli (3), kemis (3), mancanagara (3), kabeh (3), tur (3), rada (3), oge (3), sareng (3), abdi (3), bandung (3), angkot (3), puguh (3), tos (3), jps (3), sisi (3), mun (3), gede (3), kenging (3), kupipes (3), pébruari (3), wae (3), anu (3), ngaberebet (3), shaum (3), enya (3), duaan (3), itu (3), manehna (3), nunjuk (3), getih (3), site (2), log (2), sign (2), dipesenkeun (2), langganan (2), sumping (2), jay (2), nempo (2), aiko (2), deukeut (2), sapedah (2), conto (2), kapala (2), bisa (2), kudu (2), make (2), kalakuan (2), leuwih (2), bieu (2), bank (2), kuring (2), panggih (2), rek (2), ras (2), inget (2), anjeunna (2), lain (2), budhigidai (2), jumaah (2), séptémber (2), tangtos (2), dinten (2), kamari (2), moal (2), ramadhan (2), pakait (2), ayana (2), jukut (2), imah (2), kitu (2), kamalir (2), cai (2), datang (2), teh (2), meresihan (2), jujur (2), tiasa (2), nuju (2), miceun (2), teuing (2), salasa (2), sérang (2), pulisi (2), jegér (2), jeger (2), serang (2), bérébét (2), perang (2), euy (2), kerak (2), maret (2), panjang (2), lamun (2), atawa (2), punten (2), tina (2), milis (2), carios (2), nyuhunkeun (2), didieu (2), april (2), serieus (2), sadayana (2), mugi (2), leungit (2), saharita (2), getihna (2), disedot (2), lebah (2), menit (2), sungutna (2), belesat (2), vampir (2), ngadu (2), jajaten (2), nyerat (2), désémber (2), katagori (2), about (2), rss (2), get, started, design, like, with, collapse, bar, manage, subscriptions, view, reader, report, content, lebet, pribadi, already, have, account, now, designer, org, baraya, dec, 2026, kalénder, dihaturkeun, nganggé, leave, comment, pirajeuneun, guruna, jauh, marake, sedengkeun, meureun, pedah, sakirana, pamingpin, hade, tinimbang, ucapan, nyimpen, sepeda, parkiran, karek, kaluar, sapeda, poe, sejen, girimis, ngan, boga, fungsina, gaya, reinkarnasi, atanapi, 1427, bénten, kapungkur, utamina, perkawis, ngabuburit, sim, calik, payuneun, toko, roti, kepatihan, ningalikan, jalmi, sakitu, réana, pabaliut, kandaraan, béca, motor, ari, rébo, ogé, balanjaan, pahibut, tukang, dagang, nawiskeun, tajil, upami, sakuliah, otista, palebah, pasar, baru, macétna, katulungan, acan, robihna, kapengker, daragang, réa, minuhan, rebo, priangan, katukang, kiwari, beh, dieu, program, jaring, pengaman, sosial, bener, tara, sagala, pagawean, kapentingan, umum, ilahar, duit, tea, hareupeun, ngajejembrung, pon, sipat, wajib, sakabeh, warga, mayar, gedena, sarebu, rupia, karasa, sapanjang, beresih, atuh, arang, langka, kabanjiran, kamalirana, diropea, baheula, budak, remen, ngadenge, kecap, indonesia, asa, sarua, kerja, bakti, diayakeun, meh, sabulan, sakali, mimiti, paragi, mandi, babarengan, nepi, nyieun, kampung, upamana, tuluy, nyalahkeun, batur, daek, ngaku, daripada, rieut, banjir, seuseurian, yuuu, senén, judulna, damel, 171, ditambihan, sanes, pami, diantos, ngarusak, suasana, kreatif, ngalukis, efisein, ngawartosan, operasi, biasana, ngantosan, heula, nembe, emam, bubur, nyambung, sholeh, langsung, wudlu, tambihan, kajadian, biasa, mangkal, términal, diserang, ditémbakan, ngababatang, sawaréh, berebet, lalumpatan, sora, bedil, ngabérébét, dibérébét, kapaksa, milu, ngajleng, galengan, tingali, tutuwuhan, séjénna, pérang, idek, ngadepong, paéh, téh, diparaban, mangga, diaos, kadé, tipaparétot, saptu, hurup, taling, pepet, ditasik, garut, boa, ketang, batam, beda, eta, kenek, dimana, jojorowokan, nawarkeun, jurusan, angkotna, nanyakeun, erek, turun, eureun, panumpang, sakapeungmah, matak, piambeukeun, pikabingungeun, kakara, tapi, apal, sok, hayang, seuri, geura, reungeukeun, kagungan, idin, bisi, hilap, kanggo, ngumbara, tagged, tag, duka, ngahaturan, ngajalankeun, ibadah, sasih, 1418, lah, gagaro, dipaparin, rahmat, allah, swt, uing, tihang, listrik, tengah, detik, ngucur, keneh, beunguetna, lima, pang, ngorana, loba, omong, ngabelesat, dewek, saat, kota, katuhu, satengah, mucunghul, irungna, pinuh, giliran, kadua, dewekeun, aing, jelema, dinya, beak, lembur, kenca, dua, balik, wungkul, pangkolotna, ngomong, tungguan, sakeudeung, ngapung, tiluan, ngumpul, gunung, terang, saha, internal, widi, diposting, arsip, pages, entries, tepas,
Text of the page (random words):
béja carios urang sunda tepas about béja entries rss comments rss pages about katagori katagori acak 3 heureuy 4 mancanagara 2 serieus 1 arsip désémber 2007 oktober 2007 april 2007 maret 2007 pébruari 2007 oktober 2006 séptémber 2006 juli 2006 vampir ngadu jajaten posted on jumaah 14 désémber 2007 by mira marsellia punten abdi teu terang saha nu nyerat ieu kenging ti milis internal nyuhunkeun widi ka nu nyerat diposting didieu nya aya vampir tiluan keur ngumpul di gunung rek ngadu jajaten nu pangkolotna ngomong tungguan sakeudeung belesat ngapung dua menit geus balik deui bari sungutna getih wungkul kaciri lembur itu ceuk manehna bari nunjuk ka lebah kenca enya ceuk nu duaan deui ku aing kabeh jelema di dinya beak getihna disedot giliran nu kadua dewekeun belesat leungit saharita satengah menit geus mucunghul deui bari sungutna jeung irungna pinuh ku getih kaciri kota nu itu ceuk manehna bari nunjuk ka lebah katuhu enya ceuk nu duaan deui ku dewek saat kabeh getihna disedot nu pang ngorana teu loba omong ngabelesat leungit saharita lima detik geus datang bari getih ngucur keneh tina beunguetna kaciri tihang listrik nu itu ceuk manehna bari nunjuk ka tengah enya ceuk nu duaan deui ku uing bieu teu kaciri filed under heureuy 33 comments wilujeng posted on salasa 2 oktober 2007 by mira marsellia ngahaturan wilujeng ngajalankeun ibadah shaum dina sasih ramadhan 1418 h ka sadayana nu shaum ka nu teu shaum nya wilujeng oge lah gagaro teu puguh mugi mugi urang sadayana dipaparin rahmat ku allah swt filed under serieus tagged tag duka teuing 2 comments basa sunda bisi hilap kanggo nu nuju ngumbara posted on kemis 12 april 2007 by mira marsellia punten da ieu teh kenging kupipes deui wae tina milis nu kagungan carios nyuhunkeun idin nya ku abdi kupipes didieu angkot teu di bandung teu ditasik teu di garut boa ketang di batam mah beda eta kalakuan kenek angkot dimana wae lamun jojorowokan nawarkeun jurusan angkotna atawa nanyakeun nu erek turun atawa eureun ka panumpang sakapeungmah matak piambeukeun pikabingungeun anu kakara tapi lamun geus apal mah sok hayang seuri geura reungeukeun di bandung gede panjang gede panjang lajengkeun maos filed under heureuy 57 comments hurup e taling jeung pepet posted on saptu 10 maret 2007 by jay mangga diaos kadé tipaparétot kajadian basa di sérang jéger jéger anu biasa mangkal di términal diserang ku pulisi sérang jegér jegér ditémbakan jeger jeger jéger ngababatang di sisi serang sawaréh berebet ngaberebet lalumpatan bérébét bérébét sora bedil ngabérébét jéger jéger dibérébét ku pulisi kapaksa kuring milu ngaberebet ngajleng ka sisi serang na galengan perang euy perang euy tingali jukut jeung tutuwuhan séjénna pérang ka idek ku nu ngaberebet bari ngadepong ras inget kana kerak di imah moal paéh kitu da kamari téh diparaban kerak filed under heureuy 10 comments tambihan rupi rupi hitut posted on salasa 20 pébruari 2007 by mira marsellia jalma nu sholeh teuing mun tos hitut langsung wudlu jalma nu tos operasi biasana ngantosan hitut heula nembe tiasa emam bubur nyambung teu jalma nu hitut wae anu teu miceun 3 dinten ngawartosan ieu mah jalma nu efisein bari hitut bari miceun jalma nu kreatif bari ngalukis hitut jalma nu ngarusak suasana nuju ml hitut tiasa ditambihan deui ku nu sanes pami aya diantos filed under acak 171 comments judulna teu aya damel posted on senén 5 pébruari 2007 by mira marsellia kenging kupipes daripada rieut ku banjir urang seuseurian we yuuu jalma jujur jalma nu daek ngaku mun geus hitut jalma teu jujur jalma nu hitut tuluy nyalahkeun batur lajengkeun maos filed under heureuy 22 comments siope posted on kemis 5 oktober 2006 by budhigidai baheula keur budak remen ngadenge kecap siope nu dina basa indonesia mah asa rada sarua jeung kerja bakti siope diayakeun meh sabulan sakali ti mimiti keur meresihan kamalir meresihan jalan ka cai paragi mandi babarengan nepi ka nu rada gede nyieun jalan kampung upamana siope ieu sipat na wajib keur sakabeh warga mun teu bisa datang kudu mayar nu gedena harita teh sarebu rupia ku ayana siope karasa sapanjang jalan jadi beresih atuh arang langka kabanjiran da puguh kamalirana oge diropea beh dieu aya program jps jaring pengaman sosial bener teu nya ti harita siope tara aya deui sagala pagawean nu pakait jeung kapentingan umum jadi ilahar pakait jeung duit jps tea ku ayana jps ieu jukut sisi jalan nu lain hareupeun imah jadi ngajejembrung pon kitu deui kamalir tur jalan ka cai lajengkeun maos filed under mancanagara 4 comments ramadhan di priangan katukang jeung kiwari posted on rebo 4 oktober 2006 by mira marsellia dina taun 2006 m atanapi 1427 h ieu tangtos bénten sareng taun taun kapungkur utamina dina perkawis ngabuburit dinten kamari sim abdi calik di payuneun toko roti di jalan kepatihan bandung ningalikan jalmi nu sakitu réana di jalan pabaliut sareng rupi rupi kandaraan béca motor angkot puguh ari mobil mah rébo ogé ku balanjaan sareng pahibut jeung tukang dagang nu nawiskeun tajil tangtos upami di sakuliah jalan otista palebah pasar baru mah macétna tos moal katulungan deui teu acan aya robihna ti taun taun kapengker nu daragang réa nu minuhan ka jalan lajengkeun maos filed under acak 6 comments reinkarnasi posted on jumaah 29 séptémber 2006 by budhigidai bieu basa keur nyimpen sepeda di parkiran bank kuring panggih jeung kapala sakola aiko nu karek kaluar ti bank tur rek ka sakola make sapeda ras inget poe sejen harita rada girimis panggih oge ngan harita mah anjeunna kana mobil jadi keur anjeunna boga mobil leuwih keur fungsina lain keur gaya pirajeuneun nempo di sakola aiko kabeh guruna nu jauh marake mobil sedengkeun nu deukeut kana sapedah meureun pedah nempo conto nu jadi kapala sakola sakirana deukeut tur bisa kana sapedah mah teu kudu make mobil jadi conto pamingpin ku kalakuan leuwih hade tinimbang ku ucapan lajengkeun maos filed under mancanagara leave a comment wilujeng sumping posted on kemis 27 juli 2006 by jay wilujeng sumping di blog béja blog nu dihaturkeun ku urang sunda nganggé basa sunda filed under acak 7 comments kalénder juli 2026 m t w t f s s 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 dec baraya wordpress com wordpress org blog di wordpress com wp designer langganan dipesenkeun béja sign me up already have a wordpress com account log in now pribadi béja langganan dipesenkeun sign up lebet log report this content view site in reader manage subscriptions collapse this bar design a site like this with wordpress com get started
|